


Républik Afrika Tengah (Basa Prancis: République centrafricaine, dilapalkeun: [ʁepyblik sɑ̃tʁafʁikɛn], atawa Centrafrique [sɑ̃tʀafʀik]; Sango Ködörösêse tî Bêafrîka), mangrupa hiji nagara nu dilingkung di Afrika Tengah. Tepung wates jeung Chad di kalér, Sudan di kalér-wétan, Sudan Kidul di wétan, Républik Démokratik Kongo jeung Républik Kongo di kidul, sarta Kamérun di kulon. Bangui mangrupa ibu kotana.
Sanajan sumber daya mineralna signifikan (emas, uranium, inten, jsb.), Républik Afrika Tengah tetep mangrupa salah sahiji ti nagara nu pangmiskinna di dunya jeung aya di antara sapuluh nagara nu pangmiskinna di Afrika. Indéks Pawangunan Manusa pikeun nagara ieu nyaéta 0,369, nu méré réngking 179 ti 182 nagara kalawan data.[2]
Préféktur jeung sub-préféktur
Républik Afrika Tengah dibagi kana 14 préféktur administratif (préfectures), bareng jeung 2 préféktur ékonomis (préfectures economiques) jeung hiji komune otonom. Préféktur-préfékturna teras dibagi kana sub-préféktur (sous-préfectures, total 71).
Préféktur-préfékturna
Dua préféktur ékonomisna nyaéta Nana-Grébizi jeung Sangha-Mbaéré; ari komunena nyaéta Bangui.
Tempo ogé
Réferénsi
- 1 2 3 4 "Central African Republic". International Monetary Fund. Diaksés tanggal 24 August 2020.
- ↑ Daptar nagara dumasar HDI
Bacaan salajengna
- Doeden, Matt, Central African Republic in Pictures, (Twentyfirst Century Books, 2009)
- Kalck, Pierre, Historical Dictionary of the Central African Republic, 2004
- Petringa, Maria, Brazza, A Life for Africa (2006) ISBN 978-1-4259-1198-0
- Titley, Brian, Dark Age: The Political Odyssey of Emperor Bokassa, 2002
- Woodfrok, Jacqueline, Culture and Customs of the Central African Republic , (Greenwood Press, 2006)
Tumbu kaluar
- Pamaréntah
- Central African Republic Online (Basa Inggris)/(Basa Perancis)
- Ihtisar
- Propil Nagara ti BBC News
- Éntri Central African Republic di CIA World Factbook
- Central African Republic Archived 2008-07-27 di Wayback Machine ti UCB Libraries GovPubs
- Républik Afrika Tengah di Open Directory Project
Atlas the Central African Republic Wikimedia, ngandung peta ngeunaan the Central African Republic.
- Pelesir
Tempo ogé Républik Afrika Tengah di Wikivoyage
| Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkon ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo . |
