Papajar nyaéta istilah pikeun hiji tradisi mapag bulan Ramadhan di kabupatén Cianjur, ogé dipikawanoh di kabupatén Sukabumi jeung Purwakarta.[rujukan?] Dina tradisi Sunda di wewengkon séjén umumna dipikawanoh minangka munggahan.[rujukan?] Tradisi papajar biasana dibarengan ku cucurak atawa botram sakulawarga atawa réngréngan dulur, babaturan jeung saparakanca bari nganjang ka hiji temat wisata atawa bari jarah ka makam aki-nini.[rujukan?] Waktu pikeun ngalaksanakeun ieu tradisi biasana dina saminggu saméméh puasa dimimitian.[rujukan?]

Babandingan Munggahan sareng Papajar

Bédana Munggahan sareng Papajar
AspékMunggahanPapajar
WewengkonUmum (Priangan)Cianjur, Sukabumi, Bogor
Akar KecapUnggah (Naék Darajat)Mapag Pajar (Mapag Caang)
Sipat KagiatanKulawarga & SpiritualRekreasi & Sosial
Lokasi UtamaBumi atanapi MasjidTempat Wisata / Alam

Ajén Filosofis

Dina budaya Sunda, Munggahan sarta Papajar téh mangrupikeun larapan tina ajén Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh. Ieu tradisi nguatkeun tali silaturahmi sarta solidaritas sosial sangkan masarakat asup ka bulan puasa dina kaayaan haté anu beresih (langgeng) sarta rukun sareng sasama.

Tumbu Luar